bantu jawab ya ... teangan harti istilah geografi ieu dihandp 1.walungan= 2.mumunggang= 3.teluk= 4.basisir= 5.mega= 6.balebat= 7.halimun= 8.layung= 9.huma= 10.p
B. Daerah
devanaldenokurn
Pertanyaan
bantu jawab ya ...
teangan harti istilah geografi ieu dihandp
1.walungan=
2.mumunggang=
3.teluk=
4.basisir=
5.mega=
6.balebat=
7.halimun=
8.layung=
9.huma=
10.pasir=
teangan harti istilah geografi ieu dihandp
1.walungan=
2.mumunggang=
3.teluk=
4.basisir=
5.mega=
6.balebat=
7.halimun=
8.layung=
9.huma=
10.pasir=
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Aya sawatara istilah geografi atawa ngaran patempatan dina basa Sunda. Salah sahiji istilah geografi dina basa Sunda nyaeta saperti mumunggang. Mumunggang nyaeta bagian gunung pangluhurna, tonggong gunung anu manjang.
Pembahasan
Di handap ieu nyaeta sawatara ngaran patempatan atawa istilah geografi nu aya dina basa Sunda, kaasup oge mumunggang:
- Walungan nyaeta wahangan gede.
- Mumunggang nyaeta bagian gunung pangluhurna, tonggong gunung anu manjang.
- Teluk nyaeta bagean sisi laut nu ngelok ka darat, teluk teh sabalikna tina tanjung.
- Basisir nyaeta sisi taneuh atawa keusik nu adek ka laut.
- Mega nyaeta awan.
- Balebat nyaeta garis cahaya bodas beulah wetan nu nyirikeun waktu samemeh fajar, wanci balebat nyaeta tabuh 05.00.
- Halimun nyaeta saab atawa kabut.
- Layung nyaeta warna cahaya koneng semu beureum dina wanci sore.
- Huma nyaeta tanah darat nu dipelakan pare tapi teu dikocoran cai, ngan ngandelkeun cai hujan,
- Pasir nyaeta gunung leutik tur teu sabaraha luhur.
Pelajari lebih lanjut
- Ngaran patempatan https://brainly.co.id/tugas/4874810
- Sawatara ngaran patempatan brainly.co.id/tugas/1522806
- Ngaran patempatan lianna brainly.co.id/tugas/12789312
__________
Detil Jawaban
Kelas : IX
Mapel : Bahasa Sunda - Adat Di Palemburan
Bab : 2
Kode : 9.13.2
Kata Kunci : Istilah geografi dina basa Sunda