B. Daerah

Pertanyaan

dongeng teh aya sabaraha rupa

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng

    Kelas : - (SD)

    Pembahasan :


    Dongeng nyaeta karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto prosa buhun nyaeta dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta saperti novel jeung carpon atawa carita pondok.


    Aya sawatara rupa dongeng, nyaeta fabel, parabel, mite, sasakala jeung sage. Dihandap ieu dijelaskeun sacara singget unggal rupa-rupa dongeng nu aya jeung contona sewang-sewangan nu aya di wewengkon Sunda:


    1. Fabel nyaeta dongeng atawa carita rekaan anu ngagambarkeun watek atawa budi pekerti jelema anu diibaratkeun kana sasatoan, tatangkalan atawa barang. Contona dongeng fabel nyaeta saperti dongeng Si Kancil, Monyet jeung Kuya, Si Kancil jeung Buhaya.


    2. Parabel nyaeta dongeng atawa carita rekaan pikeun nepikeun ajaran agama, moral, atawa kabeneran ku ngagunakeun ibarat atawa babandingan. Umpama fabel mah dina ngaibaratkeunana teh sok ngagunakeun sasatoan, tatangkalan atawa barang, parabel mah dina ngaibaratkeunana teh ku ngagunakeun jelema anu dianggap mahiwal atawa beda ti batur. Caritana loba pikaseurieun, tapi ngandung atikan. Contona nyaeta saperti dongeng Si Kabayan, atawa saduran ti nagara sejen saperti Abu Nawas, Si Congcorang, Nasarudin.


    3. Mite mangrupa carita rakyat anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu ku masarakat sakitar dianggap karamat. Carita nu aya dina mite miboga latar waktu baheula, ngandung tafsir ngeunaan alam semesta sarta mahluk nu aya di jerona, sarta dianggap eta carita teh bener-bener kajadian ku penulisna atawa ku panganutna. Contona saperti dongeng Maung Kajajaden, Dongeng Ngipri.


    4. Sasakala atawa legenda manrupa carita nu dipercaya ku sababaraha penduduk satempat yen eta carita teh bener-bener kungsi kajadian atawa kungsi aya, tapi eta carita teh henteu dianggap suci atawa sakral saperti mitos atawa mite. Contona nyaeta saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ Patenggang.


    5. Sage mangrupa carita anu aya hubunganana jeung carita sajarah, anu nyaritakeun kapahlawanan, kawanian, kasaktian sarta kaajaiban hiji jalma. Contona nyaeta saperti dongeng Prabu Siliwangi, Dipati Ukur.

Pertanyaan Lainnya