unsur pamohalan dina dongeng
B. Daerah
simeone
Pertanyaan
unsur pamohalan dina dongeng
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng
Kelas : VII (1 SMP)
Pembahasan :
Unsur pamohalan dina dongeng mangrupa ciri utama tina carita anu aya dina dongeng. Pamohalan hartina teu asup kana akal. Carita nu aya dina dongeng biasana sok pamohalan atawa teu asup kana akal. Unsur carita pamohalan nu aya dina dongeng teh mangrupa sabab utama dongeng sok dipikaresep ku barudak.
Kusabab dongeng sok dipikaresep ku barudak, dina dongeng sok dieusian ku ajen atikan pikeun picontoeun atawa pieunteungeun.
Dongeng mangrupa karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto karya sastra dina wangun prosa buhun nyaeta dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun conto karya sastra dina wangun prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon.