naon bedana rarakitan,paparikan jeung wawangsalan
B. Daerah
ztdnhdyt
Pertanyaan
naon bedana rarakitan,paparikan jeung wawangsalan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Rarakitan, paparikan jeung wawangsalan nyaeta rupa-rupa wangun puisi Sunda anu kaasup kana sisindiran. Umpama ditilik tina eusina, aya dua rupa wangun puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa cerita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita panatun. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sisindiran, mantra, guguritan, kawih jeung sajak.
Umpama ditilik tina eusina, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta sisindiran anu eusina piwuruk, silihasih, jeung sesebred atawa humor. Dina sagunduk atawa sapada rarakitan jeung paparikan aya opat baris atawa padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Dina sisindiran aya anu disebut bagean cangkan jeung bagean eusi. Dinas unggal padalisan rarakitan, paparikan jeung wawangsalan aya dalapan engang atawa suku kata. Dina rarakitan jeung paparikan, padalisan kahiji jeung kadua mangrupakeung cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupakeun eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupakeun cangkang jeung padalisan kadua mangrupakeun eusi.
Dina rarakitan jeung paparikan, tungtung engang padalisan kahiji murwakanti jeung tungtung engang padalisan katilu, tungtung engang padalisan kadua murwakanti tungtung engang padalisan kaopat. Murwakanti asal kecapna tina purwakanti, purwakanti nyaeta padeukeutna sora engang. Sedengkeun dina wawangsalan henteu aya purwakanti antara padalisan kahiji jeung kadua anu kaciri sacara langsung saperti dina rarakitan jeung paparikan. Hubungan purwakanti antara padalisan kahiji jeung padalisan aya dina wangsalna. Harti kekecapan anu aya dina padalisan kahiji murwakanti jeung salahsahiji kecap anu aya dina padalisan kadua.
Sacara garis badag, wangun kekecapan anu aya dina rarakitan jeung paparikan ampir sarua. Anu ngabedakeun rarakitan jeung paparikan nyaeta yen dina rarakitan aya hiji atawa dua kecap dina padalisan kahiji diulang deui dina padalisan katilu jeung aya hiji atawa dua kecap dina padalisan kadua diulang deui dina padalisan katopat, sedengkeun tida paparikan henteu aya kecap atawa kecap-kecap anu diulang saperti dina rarakitan.